Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Biantara Bahasa Sunda | Contoh Biantara Pamapag


Biantara Bahasa Sunda | Contoh Biantara Pamapag

Bismilahirrohmanirrohim

Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Sadaya puji sinareng syukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Agung, Nu Murbeng Alam, anu maha welas tur maha asih, heunte aya pilih kasih ka suggri anu kumelip di ieu bumi. Rohmat sinareng salam mugia didugikeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeung Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, kulawargana, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka manteunna.

Langkung tipayun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin waktos ka simkuring kanggo sasanggeum dina ieu acara. hapunteun anu kasuhun upami dina ieu biantara pamapag teh aya pisanggeum anu kitrang merenah, boh basana boh tatakramana.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, kitu deui sakumna rerencangan sasakola.

Dina ieu waktos urang sadaya ngempel teh nya eta bade mieling dibabarkeunnana ibu Raden Dewi Sartika. Nembe oge ku saderek Pupuhu Panata Calagara parantos didadarkeun, naon marginan d sakola urang diayakeun ieu acara. Rupinan ku simkuring teu keudah dipedar deui perkawis eta mah, margi katerangan anu kakuping mung bade ngadugikeun pamapag kana lumangsungna ieu acara, minangka wawkil ti sakumna siswa.

Acara-acara anu bade dilaksanakeun dina waktos ieu teh teu kinteun munelna, sareng teu kinteun pentingna. Nembe oge parantos ditataan ku Saderek Pupuphu Panata Calagara, ieu acara teh baris direuah-reuah ku pameran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna oge sakumna siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep sewang-sewangan.

Simkuring, kalayan asmana rengrengan Pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka rengrengan panata calagar anu parntos tihotghat, ti ngawita ngarancang dugi ka deurna ngalaksanakeun acara dina dinteun ieu,. Numutkeun simkuring mah, ieu acara teh kaetang rongkah. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bagian Tata Usaha Sakola, simkuring ngahaturkeun nuhun ku parantos luntur galihna kersa masihan panuyun sarenmg pangaping ka rerncangan panata calagara enggoning ngalaksanakeun pancenna.

Hadirin hormateun simkuring

Diayakeunana ieu acara teh minangka tawis panghormat sareng pangajen ka Ibu Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina mah dina widang atikan. Jalaran kitu, simkuring umajak ka sadayana, sumangga ieu kagiatan teh urang mangpaatkeun kanggo ngarojong cita-cita sareng udagan urang sadaya. Ka sakumna patandang dina acara pasanggiri, simkuring ngadugikeun wilujeung tandang makalangan. Hanas eta aya anu hasil janten juata sareng aya anu teu acan hasil, teu kedah dipasualkeun, anggap bae eta teh hiji proses latihan. Sanaos kitu, ari daria mah tangtos bae tos sajedahna. Kitu deui ku diayakeun pameran, rupina ku urang tiasa duijanteunkeun bahan evaluasi anu tiasa dijanteunkeun dadasar kanggo ngaronjatkeun prestasi ka payunna.

Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan, hapunteun anu dikasuhun.

Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Posting Komentar untuk "Biantara Bahasa Sunda | Contoh Biantara Pamapag"