Contoh Sisindiran Piwuruk Kanggo Barudak Nu Diajar - Kumpulan Ilmu Pengetahuan
Kumpulan Ilmu Pengetahuan. Tah ieu aya sisindiran piwuruk keur barudak sakola malah mandar garetol diajarna. kieu geura sisindiran piwurukna :
Awi Beulah pikeun tali
dipasian digintiran
mugi ulah cua galih
abdi badé sisindiran
dahar lauk ati-ati
bilih engké kabeureuyan
dangukeun nya wargi-wargi
abdi sanés badé ngaheureuyan
Kanikir ti Rajagaluh
diteundeun dina campedak
sisindiran henteu puguh
éstuning sapendak-pendak
Mawa peti dina sundung
ditumpangan ku karanjang
pangarti teu beurat nanggung
tapi mangpaatna panjang
Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur
Samping kageutahan dukuh
dikelab dikacaikeun
nu matak urang sing kukuh
papatah guru turutkeun
Angeun hurang sapariuk
bawangna ngan dua sihung
ulah mungpang ka piwuruk
bisi akhirna kaduhung
Lauk emas ngakan ganggéng
disamberan ku japati
boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti
Singgetol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
singgetol néangan élmu
nu guna dunya ahérat
Balayar urang balayar
balayar ka Bojong Ménjé
diajar urang diajar
diajar ulah talangké
Mun engké ka Bojong Ménjé
bakal nguriling jalanna
mun diajarna talangké
bakal kaduhung ahirna
Salila milu ka dinya
téangan roda padati
salila hirup di dunya
téangan élmu pangarti
Poék lampu nyeungeut lilin
teu pati caang seuneuna
ulah ngalobakeun ulin
bisi kaduhung ahirna
Aron pacampur jeung gigih
mun didahar kabuhulan
niron ulangan kapanggih
éra teu cukup sabulan
Hulang huleng maén catur
disekak paéh rajanya
sakitu nu kapihatur
hapunten seueur lepatna
Sakitu sisindiran piwuruk keur barudak sakola. Pamugia aya mangfaatna. Saya mendapatkan Contoh sisindiran ini dari lamannya carasunda.com.
![]() |
Contoh Sisindiran Piwuruk Kanggo Barudak Nu Diajar |
dipasian digintiran
mugi ulah cua galih
abdi badé sisindiran
dahar lauk ati-ati
bilih engké kabeureuyan
dangukeun nya wargi-wargi
abdi sanés badé ngaheureuyan
Kanikir ti Rajagaluh
diteundeun dina campedak
sisindiran henteu puguh
éstuning sapendak-pendak
Mawa peti dina sundung
ditumpangan ku karanjang
pangarti teu beurat nanggung
tapi mangpaatna panjang
Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur
Samping kageutahan dukuh
dikelab dikacaikeun
nu matak urang sing kukuh
papatah guru turutkeun
Angeun hurang sapariuk
bawangna ngan dua sihung
ulah mungpang ka piwuruk
bisi akhirna kaduhung
Lauk emas ngakan ganggéng
disamberan ku japati
boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti
Singgetol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
singgetol néangan élmu
nu guna dunya ahérat
Balayar urang balayar
balayar ka Bojong Ménjé
diajar urang diajar
diajar ulah talangké
Mun engké ka Bojong Ménjé
bakal nguriling jalanna
mun diajarna talangké
bakal kaduhung ahirna
Salila milu ka dinya
téangan roda padati
salila hirup di dunya
téangan élmu pangarti
Poék lampu nyeungeut lilin
teu pati caang seuneuna
ulah ngalobakeun ulin
bisi kaduhung ahirna
Aron pacampur jeung gigih
mun didahar kabuhulan
niron ulangan kapanggih
éra teu cukup sabulan
Hulang huleng maén catur
disekak paéh rajanya
sakitu nu kapihatur
hapunten seueur lepatna
Sakitu sisindiran piwuruk keur barudak sakola. Pamugia aya mangfaatna. Saya mendapatkan Contoh sisindiran ini dari lamannya carasunda.com.
Posting Komentar untuk "Contoh Sisindiran Piwuruk Kanggo Barudak Nu Diajar - Kumpulan Ilmu Pengetahuan"
Terima Kasih Atas Kunjungannya. Semoga Informasi Yang Admin Sampaikan Ada Manfaatnya. Tak Lupa Apabila Ada Kesalahan Dalam Penulisan Informasi Yang Admin Sampaikan Ditunggu Kritik & Sarannya Di Kolom Komentar..............
Posting Komentar