Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Conto Sisindiran Piwuruk - Kumpulan Ilmu Pengetahuan

Kumpulan Ilmu Pengetahuan. Piwuruk nyaeta salahsahiji rupa eusi atawa maksud anu aya dina sisindiran, Umpamana ditilik tina eusina  atawa maksud sisindiran, aya tilu rupa sisindiran nyaeta aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesbred atawa heureuy.

Dina waktos ayeuna pribados bade masihan contoh salah sahiji tina sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, mudah-mudahan conto ieu aya mangpaatna kanggo balarea.

Mangga titenan ku hideup di handap aya conto Sisindiran Piwuruk keur hideup.

Conto Sisindiran Piwuruk
Conto Sisindiran Piwuruk

Tibatan néang kang dadang
Mending gé néang paraji
Tibatan ulin bagadang
Mending gé diajar ngaji



Aya bola dina pager
Ditalikeun na bukuna
Mun sakola hayang pinter
Kudu getol diajarna


Ulah sok meulian lilin
Mending gé meuli pacar
Ulah ngalobakeun ulin
Mending gé getol diajar


Lamun hayang ngieun pager
Kudu daék mawa paku
Lamun hayang jadi pinter
Kudu daék maca buku


Mawa japati ditanggung
Mawana dina karanjang
Pangarti teu beurat naggung
Tapi mangpaatna manjang


Bubur lemu ti bi Wawa
Ditumpangan jambu medé
Elmu teu beurat mawa
Tapi mangpaatna gedé

Mung diceukapkeun sakieu bae ngenaan conto sisindiran piwuruk anu ku tiasa di serat ku pribados, mugia aya mangpaatna kanggo hideup sadaya.

Sumber : carasunda.com

Posting Komentar untuk "Conto Sisindiran Piwuruk - Kumpulan Ilmu Pengetahuan"