Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Soal Ujian Harian Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 Tahun Pelajaran 2022-2023 - Kumpulan Ilmu Pengetahuan

Contoh Soal Ujian Harian Bahasa Sunda Kelas 7. Pada kesempatan ini saya akan berbagi soal-soal yang mungkin bisa dijadikan referensi untuk Bapak dan Ibu Guru Pada kegiatan Ujian harian khususnya mata pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 7. Berikut Contoh  Soal Ujian Harian Bahasa Sunda SMP Kelas 7

Budak Pahatu
Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki, ari adina awewe. Ari imahna deukeut hiji leuweung nu loba tangkal bubuahan anu ngareunah kayaning pari, kupa, huni, pining jeung salianna.
Dina hiji mangsa, barudak teh rek ngala buah kupa ka leuweung. Barang datang ka leuweung, ceuk lanceukna, “Nyai, Akang arek ngala bubuahan, ku nyai pulungan.”

“Heug Akang,” ceuk adina.

Terekel budak teh naek. Barang keur jongjon ngala kupa, leor aya oray sanca, nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar lambar, nyarande kana catang.

Gep ngegel oray teh kana sukuna. Budak teh hariring ngawih.
“Kang tulungan, Kang tulungan!
aya nu gagarayaman
kana bitis jeung ngegalan
cing geuwat kuring tulungan.”
“Usap bae, Nyai, meureun sireum,” ceuk lanceukna.
Budak awewe teh, sapanjang bisa keneh ngomong mah, teu eureun-eureun ngawih menta tulung.
Tapi ku lanceukna teu ditolih, marukanana sireum bae.

Tungtungna leg bae budak teh diteureuy buleud, sarta orayna tuluy asup ka jero leuwi.
Lanceukna reuwaseun naker sabab adina repeh bae teu kecet-kecet. Tuluy turun. Barang datang ka handap, manehna kageteun pisan sarta ngira yen adina dihakan oray. Tuluy disusul tapak oray teh. Kabeneran barang nepi ka hiji tempat, orayna kapanggih keur gulang-guling bae, teu bisaeun indit. Budak lalaki ngadenge manuk haur disada, pokna, “Cukrik, cukrik, turih ku pucuk eurih.”
Budak lalaki teh gancang ngala pucuk eurih sarta beuteung oray teh diturih.

Gorehel adina kapnggih ti jero beuteung oray, tuluy dibawa balik. Barang datang sok digolerkeun di tengah imah sarta tuluy digeberan ku manehna bari ngawih.

“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking.”
Kerenyed suku budak teh usik. Pok deui lanceukna ngawih.
Kerenyed deui awakna usik, kitu bae satuluyna, nepi ka hirupna deui budak awewe teh.
Gabrug dirontok ku lanceukna bari diciuman, tina sukuna sarta omongna, “Nyai, tina maneh geus salamet deui, Akang boga pakaulan, rek lalayaran di leuwi cipatahunan.”

 A. Pilih hiji jawaban anu bener!

1. Dongeng di luhur kaasup kana dongeng....
a. Fabel b. Parabel c. sasakala d. Mite

2. Budak awewe dina dongeng Budak Pahatu dilegleg ku oray waktu eta dua budak teh...
a. Arulin ka leuweung b. Ucing sumput di leuweung
b. Ngala bungbuahan di leuweung d. Sare handapeun tangkal di leuweung

3. Manuk anu disada waktu budak nu lalaki neangan adina nya eta....
a. Manuk japati c. manuk tikukur c. manuk piit      d. Manuk haur

4. Waktu budak awewe gogorowokan menta tulung ka lanceukna, ku lanceukna teu dianggap lantaran disangka nu kana bitis adina teh....
a. Reungit nu nyoco c. sireum nu nyoco
b. Oray nu ngegelan d. Manuk haur nu macokan

5. Kumaha ahirna nasib eta budak awewe...
a. Paeh dilegleg ku oray c. Kaluar tina beuteung oray diturih ku pucuk eurih
b. Aya dina beuteung oray d. kaluar tina beuteung oray bari teu nyawaan

6. Galur dongeng” Budak Pahatu” nya eta...
a. Merele b. mobok tengah c. tiheula pandeuri d. campuran

7. Dumasar kana eusi jeung palakuna, dongeng kabagi jadi...
a. 4 b. 5 c. 6 d. 7

8. Nu teu kaasup kana papasingan dongeng nya eta...
a. Fabel    b. Parabel         c. Mite d. Karangan pangalaman

9. Ciri utama nu ngabedakeun dongeng jeung karya sastra sejen nya eta...
a. Caritana pondok c. Palakuna sok aya sato
b. Dijerona rea hal pamohalan d. Ditujukeun keur barudak

10. Unsur intrinsik dongeng ditataan di handap ieu, kajaba...
c. Judul     b. Tema        c. Palaku d. Amanat

11. Dongeng miboga sifat “Anonim”, hartina...
a. Dongeng ditujukeun keur barudak
b. Dina dongeng ngandung ajen atikan
c. Dongeng caritana parondok
d. Dongeng teu kanyahoan saha jeung iraha dikarangna

12. Dongeng kaasup kana karya sastra wangun...
a. Lisan b. Tulisan c. Campuran       d. Ngaliwatan media citak

13. Tina conto dongeng di luhur, kaselapan ku karya sastra wangun ugeran nya eta dina wangun...
a. Sajak b. pupujian c. kawih d. sisindiran

14. Dongeng anu eusina raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana hal gaib atawa bangsa lelembutan disebut.....
a. Fabel       b. Sasakala   c. sage   d. Mite

15. Sajak kaasup kana karya sastra...
a. Puisi bebas b. Puisi kauger c. Prosa d. Lancaran

16. Dina nulis sajak...
a. Teu kaiket ku jumlah pada jeung padalisan
b. Kaiket ku jumlah pada jeung padalisan
c. Kudu murwakanti
d. Matok kana guru lagu jeung guru wilangan

17. Anu dimaksud parafrase sajak nya eta....
a. Maca sajak c. nyalin/nyaritakeun eusi sajak  kana wangun lancaran
b. Ngarang sajak d. maca sajak kalawan ku cara ditalar

18. Anu teu kaasup kana unsur sajak nya eta....
a. Rasa b. wirahma c. nada d. palaku

19. Maca sajak kalawan ditalar/teu dibaca disebut....
a. Ngilo b. deklamasi c. maca bedas d. parafrase

20. Kaayaan atawa situasi dina sajak disebut....
a. Nada b. jejer c. suasana d. paroman

21. Anu teu kaasup kana aspek anu dipeunteun upama urang maca sajak nya eta....
a. Sora b. paroman c. pasang peta d. alus henteuna baju nu dipake

22. Wanci layung hurung koneng
  Manehna datang leungeunna euweuh sapotong
  Bedil nyolengkrang na tonggong
  Pelor ngaberes handapeun cangkeng
Penggelan sajak di luhur nyaritakeun saurang....
a. Musafir/nu baramaen nu leungeunna ngan hiji
b. Patani anu cacad leungeunna
c. Pajoang kamerdekaan
d. Saurang padagang anu keur nguriling dagang

23. Dina penggelan sajak di luhur nu miboga guru lagu jeung guru wilangan 8o nya eta...
a. Padalisan 1       c. padalisan 2           
b. padalisan 3 d. padalisan 4

24. Penggelan sajak di luhur kawangun ku.....padalisan
a. 3 b. 4 c. 5 d. 6

25. Dina sajak kajaba ti kecap-kecap nu ngandung harti denotatif, rea oge kecap anu ngandung harti konotatif nya eta....
a. Kecap-kecap anu ngandung harti injeuman
b. Kecap-kecap anu ngandung harti sabenerna
c. Kecap-kecap anu miboga harti sabalikna
d. Kecap-kecap anu miboga harti sarua

26. Conto kalimah dina sajak nu ngandung harti konotatif nya eta...
a. Panon poe molototan alam dunya b. cita-cita kuring  jaga
b. Kembang dipelak di buruan d. hidep anaking kanyaah ema

27. Sajak asup kana sastra Sunda dina taun...
a. 1940-an b. 1950—an c. 1960-an d. 1970-an

28. Eling-eling dulur kabeh
 Ibadah ulah campoleh
 Beurang peuting ulah weleh
 Bisina kaburu paeh
 Penggelan karya sastra di luhur nya eta...
a. Kawih b. Sajak                 c. pupujian             d. sisindiran

29. Guru lagu jeung  guru wilangan unggal padalisan pupujian di luhur nya eta...
a. 7e b. 8e c. 7eu d. 8eu

30. Upama dititenan karya di luhur teh murwakanti, maksudna...
a. Kawangun ku opat padalisan
b. Sasaruaan/padeukeutna sora tungtung padalisan dina sapada
c. Tungtung padalisan mangrupa huruf konsonan
d. Guru wilangan unggal padalisan sarua

31. Disawang tina eusina, pupujian di luhur kagolong kana...
a. Muji ka gusti Allah c. Pepeling
b. Do’a jeung tobat ka pangeran d. Ajaran agama

32. Nu teu kaasup tempat ilaharna pupujian dinadomkeun...
a. Sakolah memeh diajar c. Di madrasah
b. Di masjid memeh solat d. Di pasantren

33. Nilik kana cara nulisna pupujian kaasup karya sastra nu mangrupa...
a. Prosa b. Drama c. Puisi d. Kawih

34. Najan raja nyakrawati
Teu bisa nyingkahan pati
Harti kecap nyakrawati nya eta....
a. Panjang umur    b. ngawasa nagara c. gagah perkasa d. luhur elmuna

35. Ibadah ulah campoleh. Anu dimaksud campoleh nya eta....
a. Belang-betong b. itungan c. dibeja-beja d. ngarep pujian

36. Eusi pupujian dina umumna nyoko kana ajaran widang...
a. Sosial b. Agama c. Nagara d. Budaya

37. Pupujian teh karya sastra sampeuran nu mangrupa pangaruh tina sastra...
a. Jawa b. Inggris c. Arab d. Malayu

38. Ugeran dina nulis pupujian diantarana jumlah jajaran tiap pada kudu...
a. Beda b. Sarua c. Mirip d. Bebas

39. Pupujian sumebarna sacara...
a. Lisan b. Tulisan c. Media masa d. Elektronik

40. Nu teu kaasup kana papasingan pupujian disawang tina eusina nya eta....
a. Muji ka gusti Allah c. Solawat ka Kangjeng Nabi
b. Ajaran agama d. kabeungharan alam

41. Karangan pangalaman pribadi kaasup kana karangan....
a. Deskripsi b. Narasi c. argumentasi                 d. eksposisi

42. Di handap ieu mangrupa conto judul karangan pangalaman, iwal ti...
a. Kahujana di Jalan
b. Liburan di Bumi Nini
c. Hayu Urang  Ronjatkeun  Sistem  Kaamanan  Lingkungan
d. Diajar Sapedah di Lapangan

43. Tempatna di Bandung dina poe Salasa.
Unsur di luhur kaasup kana unsur intrinsik karangan pangalaman pribadi, nya eta unsur...
a. Tema b latar c. galur d. amanat

44. Poko-poko pikiran anu arek ditulis dina karangan mangrupa eusi tina....
a. Tema b. galur c. rangkay karangan d. judul

45. Waktu SD kelas 5 kuring pernah dirawat di rumah sakit lantaran tipus. Harita salila saminggu kuring teu bisa asup sakola, teu bisa ulin, sarta kudu ngagoler na kasur beurang peuting.
Penggelan kalimah-kalimah di luhur mangrupa conto ebrehan pangalaman anu...
a. Pikabungaheun c. pikaseurieun
b. Pikasediheun d. pikasieuneun

46. Kalimah tanya mangrupa kalimah anu miharep respon mangrupa....
a. Tindakan b. perhatian c. nanya deui d. jawaban

47. Dina kalimah pananya ilaharna make kecap pananya. Di handap ieu nu teu kaasup kana kecap pananya dina basa Sunda nya eta....
a. Ieu b. naha c. saha d. naon

48. Tina kalimah wawaran bisa dirobah jadi kalimah tanya, upamana kalimah wawaran “Tadi aya tabrakan hareupeun sakola”, ku cara nambahkeun di hareupeun kalimah wawaran tadi ku kecap....
a. Naha b. saha c. naha enya d. naon

49. Kecap pananya ”ku naon” bisa dipake ngalengkepan kalimah....
a. ......nu datang ka imah maneh teh?
b. ......rek indit k Bandungna teh?
c. ......maksud maneh ngomong kitu?
d. ......kamari teu asup sakola?

50. ......lamun kuring milu?
Kecap pananya keur ngalengkepan kalimah tanya di luhur nu bener nya eta....
a. Kumaha b. naha c. sabaraha d. naon

Nah itu saja yang bisa saya sampaikan pada kesempatan ini mengenai contoh soal Ujian Harian Bahasa Sunda SMP Kelas 7, semoga ada manfaatnya.

Posting Komentar untuk "Contoh Soal Ujian Harian Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 Tahun Pelajaran 2022-2023 - Kumpulan Ilmu Pengetahuan"