Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda
Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda
Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda.Kuring kudu ngomong ieu dumasar kana kahayang kuring nu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran sarta hirup urang Sunda sacara umum.

Paribasa Sunda atawa disebut babasan Jeung paribasa digolongkeun kana papatah paribasa sacara umum, teu jauh beda ti basa séjén salaku paribasa Sunda ogé boga basa figurative sorangan dina paribasa Sunda. Di dieu nyaeta Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda anu ngahaja drafted dina alfabét pikeun betah anjeun nyungsi Babasan Sunda jeung harti na.

Urang kabeh terang, anu di Indonésia kami euyeub ragam basa, salah sahiji nu Sunda. Dina Sunda ogé boga hiji campuran tina paribasa kayaning basa régional sacara umum. Pikeun betah di néangan Babasan Sunda  bakal nulis daftar di urutan abjad Babasan Sunda anu gampang manggihan Babasan Sunda . Muga kalawan kempelan ieu Babasan Sunda bisa mantuan anjeun nyungsi dina milarian babasan sunda.

Kuring miharep ku ayeuna informasi ngeunaan Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda  ieu bisa ngabantuan dina diajar Babasan Sunda ranging ti tingkat paling dasar ka tingkat paling luhur sareng mangpaat  ka guru jeung masarakat sacara umum. Pikeun leuwih rinci tingali dihandap Babasan Sunda

Babasan teh kaasup kana basa pakeman. Ari anu dimaksud babasan nyaeta ucapan matok nu geus puguh entep seureuhna nu dipake dina harti injeumanana. Jadi lain harti sajalatrana. Eusina mangrupa babandingan sipatna hiji barang atawa kaayaan sarta geus ngawangun hiji kecap. Contona : gede hulu, panjang leungeun, heurin ku letah, jeung cileuh kentel peujit.

Ku lantaran mangrupa basa pakeman tea, tangtu we babasan teh teu bisa dirobah, boh ungkarana boh kekecapanana. Upama ditambahan, dikurangan, atawa dilemeskeun, sipatna bisa jadi robah jeung hartina oge bisa jadi robah deuih. Geus puguh ari camplang mah. Upama bae babasan gede hulu dilemeskeun jadi ageung mastaka, atawa dirarangkeunan jadi ngaageungan huluna; jelas karasa camplang jeung hartina oge robah deuih.


Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda

Selamat membaca dan menghayati isinya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf A

Abang-abang lambe artnya Beureum biwirna wungkul, caritaan nu ngan saukur keur ngangeunahkeun hate nu sejen.
Contona nyaeta : Ulah percaya teung ka Si Ibro mah, nyebut alus kana karangan maneh soteh, boa teung abang-abang lambe

Abis bulan, abis uang artinya beak bulan, duit gajih oge beak deuih
Contona nyaeta : Gajih Rp. 80.000 ayeuna mah atuh tibang pas-pasan, abis bulan abis uang
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf B

Bisa ka bala ka bale artinya Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes
Contona nyaeta : Jang Udin mah bisa ka bala ka bale, nu matak heunteu hese rejeki
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf C
Caang Bulan opat welaas, jalan gede sasapuan artinya rido pisan, taya geuneuk maleukmeuk dina hate
Contona nyaeta : Upami leres Engkang bade ngadua, abdi mah Caang Bulan opat welaas, jalan gede sasapuan. Mung abdi mah anteurkeun heula ka pun biang
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf D

Dagang pindang ka cirebon artinya dagang barang ka tempat nyieun eta barang
Contona nyaeta : Manehmah dagang peuyeum ka Cimeunyan, sarua we jeung Dagang pindang ka cirebon
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf E

Eleh deet artinya sanajan teu sapuk jeung hate kapaksa nyaluyuan lantaran karunya
Contona nyaeta : Tadina mah moal dibere ku urang ge, ngan nyaritana lewa-lewe pikarunyaeun. Tungtungnamah eleh deet, golosor we dibere nginjeum duit lima puluh rebu perak, padahal anu tiheula oge can dibayar

Elmu Ajug artinya elmu nu teu dipake ku sorangan, ngan ukur dipake mapatahan batur
Contona nyaeta : Elmu Ajug Si Eta mah, ari ka batur mapatahan teu meunag ngamadat, ari manehna sorangan sok ngalakonan
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf G

Galak Sinongnong artinya Mimiti aya sir ka awewe tapi can wani adu hareupan
Contona nyaeta : Cep Udan mah abong nu keur Galak Sinongnong , ongkoh bogoh ka Neng Atin teh tapi teu daek ngadeukeutan. Sugan seuri ti kajauhan we
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf H

Hade gogog hade tagog artinya hade basa, budi paragi, jeung sikep, nyaho tat-titi
Abong nonoman Hade gogog hade tagog Cep Udan mah, heunteu ngerakeun dibawa ka tengah teh

Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri artinya amal perbuatan sok aya wawalesna
Contona nyaeta : Lamun urang nganyeurikeun hate batur, awal-ahir oge baris awa wawlesna, hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf I

Ieu Aing artinya angkuh, sombong, adigung
Si Akong teh ieu aing, boga rasa kapake ku Pa Lurah teh

Igana kawas rambang artinya ragas, kacida kurusna nepi ka kaciri tulang-tulang igana
Contona nyaeta : Nu gering teh ripuh katembong mah, beungeut sepa, igana kawas rambang
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf J

Jadi Cikal bugang artinya pangheulana kasambut di pangpeurangan
Contona nyaeta : Jadi perajurit mah sarua jeung teken jadi cikal bugang, nu matak perlu gede wawanen
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf K

Kabawa ku sakaba-kaba artinya Kabawakeun teu puguh lampah ku batur, kapangaruhan ku batur nepi ka teu eucreug
Contona nyaeta : Kade Ujang, di kota teh ulah kabawa ku sakaba-kaba. Ma'um di kota tea atuh, sok loba kabejakeunana
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf L

Laer gado artinya sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur, careraman
Contona nyaeta : Pa Onde mah laer gado, teu kaop nenjo barang hade nu aya di batur sok terus dikurihit

Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh artinya siga nu lungguh katenjona, padahal bangor
Contona nyaeta : Kang Uday mah Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf M

Mabok pangkat artinya adigung, asa aing jeneng
Contona nyaeta : Teu resepna ka Pa Sukro teh mabok pangkat, boga rasa aing jeneng ka batur teh ngan mepehek bae

Musuh atawa satru kabuyutan artinya musuh ti baheula nepi ka ayeuna, musuh tuturunan
Contona nyaeta : Si Ibro jeung Si Acing mah atuh musuh kabuyutan, ti baheula oge sok siliharah bae
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf N

Najan dibawa kana liang cocopet, moal burung nuturkeun artinya dibawa ka mana-mana oge daek
Contona nyaeta : Abdi mah tey langkung Engkang, Najan dibawa kana liang cocopet, moal burung nuturkeun
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf O

Ombak banyuan artinya buuk nu galing ombak-ombakan
Contona nyaeta : Resep kana buukna ka Neng Ita teh, meni ombak banyuan

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf P

Padaburak sisi samping artinya padagede ma'lum, padagede hampura
Contona nyaeta : Obong nu Padaburak sisi samping, pagetreng teh teu nepi ka manehna
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf R

Ragaji Inggris artinya Jalma nu bisa pisan nipu ku jalan ngolo-ngolo
Contona nyaeta : Si Ibro mah Ragaji Inggris, tong baroning pangkat mang Endil, malah P Sukri oge kungsi katipu ku manehna teh
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf S

Saampar samak artinya Sagebleg (lahan) jeung kaayaan meh sarua
Contona nyaeta ; Tanah Pa haji Uhro teh Saampar samak, jeung tanah pa Pa Haji Empit
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf T

Taarna teja mentrangan artinya tara nu alus, jiga cahayaan
Contona nyaeta : Neng Aska mah Taarna teja mentrangan
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya Artinya | Huruf U

Uang semir artinya panyogok, paleuleur, supya pamenta urang gancang dikabulkeun
Contona nyaeta : Jaman ayeuna mah hayang digawe teh teu cukup ku ijazah wungkul, meh gampang mah kudu dibarung ku uang semir

Ubar paruluk artinya Omongan pikeun nengtremmkeun pikir sakadarna ulah ngarasula
Contona nyaeta : Mudah-mudahan bae hasil tina ieu diskusi teh lain ngan saukur ubar paruluk, pikeun memeres kayaan pangajaran basa jeung sastra Sunda
Selengkapnya

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf W

Wawuh munding artinya wawuh meueusan pedah sok papnggih di jalan atawa di pasamoan, tapi ngaranna mah can nyaho
Contona nyaeta : Jeung manehna teh teu wawuh munding urang mah

Wiwirang di kolong catang, nya badag nya panjang artinya nyorang wiwirang gede
Contona nyaeta : Tadi mah Pa Ondi meunang Wiwirang di kolong catang, nya badag nya panjang

Weruh sadurung winarah artinya nyaho samemeh dibejaan, bisa norah, terus tingal
Contona nyaeta : Abong nu Weruh sadurung winarah, Bah Mitra mah, can dibejaan oge geus nyahoeun kana maksud urang

Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Huruf Y

Yuni Kembang artinya rupa jeung tingkah lakuna pikaresepeun
Contona nyaeta : Neng Aska mah yuni kembang, sarengkak saparipolahna teh matak kayungyun bae

Yuni tai artinya matak pikacuaeun bae
Contona nyaeta : Si Ibro mah yuni tai, sugan aya hiji we nu matak pikareuseupeunana, euweuh
Baca Juga Artikel Babasan Sunda Terlengkap Lainnya di bawah ini :

Mung, éta sadayana abdi tiasa nyebutkeun ngeunaan Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda, Urang téh punten lamun aya kecap dina tulisan ngeunaan babasan Sunda ieu aya kasalahan, informasi ieu bisa jadi mangpaat. Inpo ieu kuring dicutat tina hiji buku nu judulna 1000 babasan Jeung paribasa Sunda diterbitkeun ku Pustaka Setia ditulis ku Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Drs. Dadan DJuanda jeung Dra. Tati Purmawati.Saya Mangga kritik sarta bongbolongan pembaca sadayana.

Posting Komentar untuk "Babasan Sunda Terlengkap Beserta Artinya | Bahasa Sunda"