Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Babasan Sunda Terlengkap Berawalan Huruf K Beserta Artinya | Bahasa Sunda - Kumpulan Ilmu Pengetahuan

Babasan Sunda Terlengkap
Babasan Sunda Terlengkap
Babasan Sunda Terlengkap Berawalan Huruf K Beserta Artinya | Bahasa Sunda.Kuring kudu ngomong ieu dumasar kana kahayang kuring nu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran sarta hirup urang Sunda sacara umum.
Paribasa Sunda atawa disebut babasan Jeung-paribasa digolongkeun kana papatah paribasa sacara umum, teu jauh beda ti basa séjén salaku paribasa Sunda ogé boga basa figurative sorangan dina Babasan Sunda. Di dieu nyaeta Babasan Sunda Terlengkap Berawalan Huruf K Beserta Artinya | Bahasa Sunda anu ngahaja drafted dina alfabét pikeun betah anjeun nyungsi Babasan Sunda jeung harti na.

Urang kabeh terang, anu di Indonésia kami euyeub ragam basa, salah sahiji nu Sunda. Dina Sunda ogé boga hiji campuran tina paribasa kayaning basa régional sacara umum. Pikeun betah di néangan paribasa Sunda  bakal nulis daftar di urutan abjad Babasan Sunda anu gampang manggihan Babasan Sunda .Muga kalawan kempelan ieu Babasan Sunda bisa mantuan anjeun nyungsi Maxim Sunda.

Kuring miharep ku ayna informasi ngeunaan  Babasan Sunda Terlengkap Berawalan Huruf K Beserta Artinya | Bahasa Sunda  ieu bisa ngabantuan dina diajar Babasan Sunda ranging ti tingkat paling dasar ka tingkat paling luhur sareng mangpaat  ka guru jeung masarakat sacara umum. Pikeun leuwih rinci tingali dihandap Babasan Sunda

Babasan Sunda Terlengkap Berawalan Huruf K Beserta Artinya | Bahasa Sunda

Kabedil-langit artinya kalinglap
Contona nyaeta : Neng Siti buukna diteukteuk meni kabedil langit

Kacanir bangban artinya kawiwirangan, meunang kaera
Contona nyaeta : Kamari mah urang kacanir bangban, basa nganjang ka Pa Sukro tea. Rek nyakuan kueh, kapergo pisan ku pribumi

Kacekel bagal buntutna artinya katewak luluguna
Contona nyaeta : Komplotan bangsat motor teh ayeuna mah geus kacekel bagal buntutna, horeng lain si itu si eta

Kaceuluk ka awun-awun artinya kawentar ka mana-mana
Contona nyaeta : Dodol garut jeung tauco cianjur kiwari mangrupa kadaharan tradisional Jawa barat anu geus kaceuluk ka awun-awun

Kaduhung tara tiheula artinya ngarasa hanjakal mah tangtu moal samemeh migawe kasalahan, nu matak kudu ati-ati ulah nepi ka ngarasa kaduhung
Contona nyaeta : Nu matak memeh migawe nanaon teh kudu dipikir dibulak-balik, da kaduhung tara tiheula

Kagok asor atawa kagok asong artinya kapalang geus nyanggupan, teu bisa mundur deui
Contona nyaeta : Enya oge untungna henteu gede, tapi rek dipaju we, kawantu geus kagok asor , geus nyanggupan sakitu hargana

Kahieuman bangkong artinya : siga beunghar lantaran katitipan banda batur
Contona nyaeta : Abdi mah teu gaduh nanaon, seueur soteh barang di rorompok da kagungan Pa Ondi, ku anjeunna dititipkeun ka abdi . Janteun Kahieuman bangkong abdi mah.

Kahirupan jelema sok aya pasang-surudna artinya nasib jelema nu hirup sok aya jayana, sok aya apesna
Contona nyaeta : Eta mah Pa Undang, anu tadina lubak-libuk teh, ayeuna kacida kekerehetna, abong enya kahirupan jelema sok aya pasang-surudna, tara salawasna jaya

Kajejek ku hakan artinya hasil usaha beak dipake dahar wungkul
Contona nyaeta : Sanes  teu hoyong nabung abdi oge, namung kumaha atuh gajih abdi mah dina sasih-sasihna teh kajejek ku hakan bae

Kakeueum ku cai toge artinya eleh pisan ku pamajikan nepi ka dipangnyelewengkeun ge cicing bae. Pamajikan oge kalah ka diantep

Kalah ka engkeg artinya kalah ka cape leumpang, hasil henteu
Contona nyaeta : Nagihan teh kalah ka engkeg, taya nu mayar saurang-urang acan

Kalapa bijil ti cungap artinya muka rusiah sorangan kalawan teu dihaja
Contona nyaeta : Tungtungna mah Si Kumis kalapa bijil ti cungap, yen manehna anu maling sepedah Jang Umin teh

Kaliung kasiput artinya loba baraya anu beunghar, sasat kalingkung
Contona nyaeta : Di lembur abdi mah, sakampung teh taya nu sanes, baraya sadayana oge, balageur deuih. Abdi we minangka nu pangsangsarana teh sasat kaliung kasiput

Kapiheulaan ngaluluh taneuh artinya hudang kabeurangan
Contona nyaeta : Ari hudang teh ulah kapiheulaan ngaluluh taneuh matak hese rejeki

Kapipit galih, kadudut kalbu artinya kapincut, bogoh
Contona nyaeta :  Rupina Cep Idang teh kapipit galih, kadudut kalbu ku neng Inem

Kapiring leutik artinya kaisinan, kaeraan
Contona nyaeta :  Urang teh keur ngaheureuyan Bu Yun, ari torojol teh Pa Sukri, puguh we jadi kapiring leutik

Kasep ngalenggereng koneng artinya nya kasep nya ginding
Contona nyaeta : Pantes atuh Neng Encum rek kaedanan oge ku Cep Adeng teh, da kasep ngalenggereng koneng

Kasuhun kalingga murda artinya katarima pisan lahir batin
Contona nyaeta : Kintunan ti Engkang ku abdi parantos katampi, hatur nuhun, ku abdi kasuhun kalingga murda

Katempuhan buntut maung artinya katempuhan kasusah atawa urusan batur
Contona nyaeta : Si Ibro nu boga dosana teh, urang mah katempuhan buntut maung, pedah sok babarengan jeung manehna

Katindih ku kari-kari artinya katuding pedah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara, atawa kasangka boga dosa
Contona nyaeta : Si Obed mah katindih ku kari-kari, pedah basa ribut sendal Mang Doyot leungit manehna katembong ngaliwat ka dinya samemehna

Katerka ku kira-kira artinya il. Katindih ku kari-kari
Sakapung sok dihijikeun, jadi Katindih ku kari-kari, katerka ku kira-kira

Katurug katutuh artinya keur susah katambah ku pikasusaheun deui
Contona nyaeta : Karunya Mang endul, meni katurug katutuh. Keur mah eukeur katabrak motor, dombana aya nu maling

Kandel kulit beungeut artinya teu boga kaera
Contona nyaeta : Dasar jelema kandel kulit beungeut Si Muin mah, sakitu geus ditolak sapajodoan teh, datang deui datang deui

Kawas aeud artinya nya goreng budi nya bangor
Contona nyaeta : Saha nu resep atuh ka jalma nu kawas aeud mah, keur bangor teh goreng budi deuih

Kawas anu teu dibedong artinya kaluar asup tara meundeutkeun panto
Contona nyaeta : Si Ujin mah kawas anu teu dibedong, kaluar asup teh tara ieuh daek meundeutkeun panto

Kawas bayah kuda artinya belel pisan
Contona nyaeta : Na make baju teh kawas bayah kuda, ganti atuh ku nu rada pantes ari rek milu ka pasar mah

Kawas beubeulahan terong artinya sakarupa pisan siga beubeulahan terong, seperti budak kembar
Contona nyaeta : Neng Novi jeung Neng Usi mah kawas beubeulahan terong, abong jeung baraya

Kawas beusi atah beuleum artinya geuneuk jalma nu kacida ambekna
Contona nyaeta : Bakating ku ambek ka Si Muin, beungeut Kang Hendra mani geuneuk kawas beusi atah beuleum

Kawas bodor reog artinya jelema anu tingkah lakuna pikaseurieun
Contona nyaeta :  Ari Jang Odeng bet kawas bodor reog, tingkah lakuna teh matak pikaseurieun

Kawas bueuk beunang mabuk artinya
Contona nyaeta : Kapanggih bangsat sendal teh, Si Ibro, tadi oge dicarekanbebeakan ku Pa RT, ngeluk we kawas bueuk beunang mabuk

Kawas bujur aseupan artinya
Contona nyaeta :  Cicing atuh diuk teh, ulah kawas bujur aseupan

Kawas carangka runtah artinya jamla anu sagala beuki jeung gembul
Contona nyaeta : Si Imak mah barangdahar teh meni kawas carangka runtah, sagala didahar jeung kudu loba bae deuih

Kawas careuh bulan artinya nu diwedak kandeul teuing
Contona nyaeta : Ari diwedak teh ulah kandeul teung atuh, mani kawas careuh bulan

Kawas ciduh jeung reuhak artinya sarua gorengna
Contona nyaeta : Maneh jeung Si Ini mah kawas ciduh jeung reuhak

Kawas congcorang murus artinya jelema jangkung tapi kacida begangna
Contona nyaeta : Rada ngeusi ayeuna mah awak Jang Ucin teh teu kawas congcorang murus teuing

Kawas cucurut kaibunan artinya goreng patut jeung pikarunyaeun
Contona nyaeta : Kamari urang papanggih jeung popotongan, karunya, mani  kawas cucurut kaibunan, Aya untungna teu jadi teh

Kawas dodol bulukan artinya kulit, hideung diwedakan teu rata
Contona nyaeta :  Rusuh meureun Ceu Inot teh, henteu rata diwedakna oge, mani kawas dodol bulukan

Kawas dongeng Si Bosetek artinya gunta-ganti aturan, tapi tetep taya kamajuan
Contona nyaeta : Patalimarga di urang mah hayoh we gunta-ganti aturan, ayeuna geus bijil deui undang-undang anyar, tapi dina emproa mah angger we taya robahna, kawas dongeng Si Bosetek

Kawas durukan huut artinya pibahayaeun anu teu karinci sarta beuki lila beuki gede
Contona nyaeta : Mun aya saalah paham kudu buru-buru dibeberes, bisi jadi matak engkena. Akibat salah paham bisa jadi kawas durukan huut

Kawas gaang katincak artinya repeh sapada harita, ngadadak jempling lantaran reuwas atawa embung kadenge ku nun anyar datang
Contona nyaeta : Barang Pa Midun asup, anu keur ngorobrol teh jep bae repeh kawas gaang katincak

Kawas gateuw artinya teu bisa liar, lantaran kasakit atawa rarempo tapi awak lintuh
Contona nyaeta : Nu gering teh kalah awak we ngalintuhan, tapi teu bisa kamana-mana da can kuat leumpang-leumpang acan, cicing we di imah kawas gateuw

Kawas gula jeung peueut artinya sarua layeutna atawa geugeutna
Contona nyaeta : Resep nenjo Jang Udan jeung Neng Tini mah, mani kawas gula jeung peueut

Kawas hayam lamba artinya bereset, taya kawani
Contona nyaeta : Si Eta mah kalah ka we awak jangkung badag, ari kawani kawas hayam lamba

Kawas hayam panyambungan artinya talamba-tolombo dina riungan lantaran euweuh nu wawuh
Contona nyaeta : Basa kongres basa Sunda, teu papanggih jeung nu wawuh saurang-urang acan, talamba-tolombo we kawas hayam panyambungan
Baca Juga Artikel Babasan Sunda Terlengkap Lainnya di bawah ini :
Mung, éta sadayana abdi tiasa nyebutkeun ngeunaan Babasan Sunda Terlengkap Berawalan Huruf K Beserta Artinya | Bahasa Sunda, Urang téh punten lamun aya kecap dina tulisan ngeunaan  babasan Sunda ieu aya kasalahan, informasi ieu bisa jadi mangpaat. Inpo ieu kuring dicutat tina hiji buku nu judulna 1000 babasan Jeung paribasa Sunda diterbitkeun ku Pustaka Setia ditulis ku Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Drs. Dadan DJuanda jeung Dra. Tati Purmawati.Saya Mangga kritik sarta bongbolongan pembaca sadayana.Upami hoyong langkung jelasmah kana eusina Babasan Sunda mangga we kantun galeuh bukuna di toko-toko buku anu aya di leumbur aranjeun.

Posting Komentar untuk "Babasan Sunda Terlengkap Berawalan Huruf K Beserta Artinya | Bahasa Sunda - Kumpulan Ilmu Pengetahuan"