Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Conto Sisindiran Keur Barudak Sakola - Kumpulan Ilmu Pengetahuan

Kumpulan Ilmu Pengetahuan  ~ Hallo sahabat semua bagaimana kabarnya? semoga ada dalam keadaan sehat walafiat. Pada kesempatan kali ini admin akan berbagi info atau sharing pengetahuan mengenai Info yang ada di Pelajaran Basa Sunda Yaitu Conto Sisindiran Keur Barudak Sakola. Semoga informasi ini bisa bermanfaat untuk sahabat semua.Amin

Conto Sisindiran Keur Barudak Sakola
Conto Sisindiran Keur Barudak Sakola

Saur pa guru : Ngawuluku ngawalajar
kudu dibaladah heula
dina waktu rék diajar
hayu ngadaro’a heula….


Ulah loba dahar peuteuy
ngala awi ngan sabuku
barudak ulah hareureuy
sok geura baruka buku


Ceuk Opi : Meuli manuk ka Lodaya
Manukna manuk titiran
kamari abdi sadaya
dialajar sisindiran.


Titiran eunteup ngajajar
bangkuang palid ka sisi
sisindiran opat jajar
aya cangkang aya eusi.


Saur Pa guru : Ka leuweung néwak titiran
Ditukeran ku kalapa
budak pinter sisindiran
éta pasti murid bapa


Ceuk Ridwan mairan : Ka warung mésér saledri
salah jalan kalah muter
bapa ulah muji Indri
abdi gé da sami pinter.


Pa Guru : Kudu getol neukteuk kuku
ngarah pinter oge kasep
kudu getol maca buku
ngarah pinter jiga Usep.


Ngala kalapa keur hajat
Hajatanna di ciater
Murid bapa pasti hébat
Nyabalageur nyapalinter


Neng Eni mairan : Jalan-jalan ka ciater
Disarengan ku bu Lilis
Abdi mah sanés mung pinter
katambihan ogé geulis


Saur pa Guru : Isuk-isuk ngala hiris
Dituangna sareng jaat
Murid bapak memang geulis
Pinter ngaji rajin sholat


Ajeng oge ngiring nyarios : Haur Geulis linggar jati
Mésér ayakan jeung nyiru
Urang kudu pinter ngaji
Tah dangukeun bapa Guru


Si Budi teu cicingeun manehna milu mairan : Sanaos ka Haur geulis
Abdi mah resep ka Cina
Sanaos Néng Eni geulis
Abdi mah resep ka Ira


Mandi isuk rada beurang
Tampian jalanna nanjak
Abdi atos terus terang
Badé ditampi, ditolak?


Tah ieu mah ceuk si Anggun Jeng Nisa : ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bogohan
Bisi sakola kaganggu


Si Budi gancang nempas : Tangkal awi tangkal randu
Jaradi handapeun peuteuy
Wargi-wargi ulah bendu
Abdi mah mung ukur heureuy


Si Cahya milu nyarita : Budi resep dahar peuteuy
Ngan sapérak sakilona
Budi mémang resep heureuy
Nu matak awét jomlona


Si Adit mairan : Meuli pedes ngan sakilo
Diwadahan ku Si bayu
Budi mah da sanés jomlo
Ngan sakadar henteu payu

Budi nembalan : meuli cingcin jeung Néng Ayu
dahar nangka jeung si Johan
abdi mah lain teu payu
moal waka bobogohan

Mihape sisir jeung minyak,
kade kaancloman leungeun,
mihape pikir jeung niat,
kade kaangsonan deungeun.

Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Sumedang bae,
kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan bae.

Kembang culan kembang tanjung,
kembang saga jeung dongdoman,
boh sabulan boh sataun,
ulah salah nya dongdonan.

Koleang kalakay pandan,
amis mata di susukan,
soreang lain teu hayang,
cimata geura susutan.

Sumber : carasunda.com

Nah itu saja yang bisa admin sampaikan pada kesempatan kali ini mengenai salah satu conto sisindiran keur barudak sakola. Mohon maaf apabila dalam penulisannya banyak kekeliruan. Admin harapkan kritik dan sarannya dari sahabat semua, supaya apa yang akan disampaikan kedepannya bisa lebih baik dan kekeliruannya bisa admin perbaiki. 
Terima Kasih.
Salam Berbagi Ilmu Pengetahuan.

Posting Komentar untuk "Conto Sisindiran Keur Barudak Sakola - Kumpulan Ilmu Pengetahuan"