Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Guguritan Sunda | Bahasa Sunda

Contoh Guguritan Sunda
Contoh Guguritan Sunda 
Contoh Guguritan Sunda | Bahasa Sunda. Pada kesempatan kali ini saya bakal sedikit sharing tentang contoh guguritan. Bagi kalian semua yang sedang mencari referensi tentang contoh guguritan, kalian semua berkunjung ke tempat yang tepat. Karena saya bakal memberikan lebih dari Guguritan Bahasa Sunda Lengkap.Contoh Guguritan Sunda | Bahasa Sunda
Contoh Guguritan Sunda | Bahasa Sunda
Contoh Guguritan Sunda | Bahasa Sunda

ASMARANDANA BAKUNG BODAS

Karya : Zulaikha Sobana
Garut, Maret 2018

Nyacas bodas mawa sri
naratay dina tambakan
estu endah matak moho
daunna patinggarulang
ngagupay lelembutan
sok komo nu liwung gandrung
matak labas pangacian

Ngahiliwir angin tingtrim
mawa beja ti anggangna
bebene pamepes hate
sanajan anggang disawang
asih ligar lir kembang
dina wujud kembang bakung
nu mangkak mapaes taman        Lihat Juga : Contoh Sisindiran Sesebred atawa Banyol

Seungitna malipir peuting
heasna mawa subaya
lalayaran na kasono
medarkeun carita lawas
endah tembang katresna
bakung bodas ngawih liwung
asmara meuntas sagara

Asih sakadar pasini
teu wasa mungpang ka kadar
kembang nu jadi totonden
pasini reuntas ku mangsa
pingkasna ku nalangsa
bakung rareunung ku sirung
paragpag di pajaratan


MANUK JAPATI
(Karya : Muhamad Ramdan )

KINANTI

Kuring boga hiji manuk
Manukna manuk japati
Bujurna utek-utekan
Manehna te daek cicing
Siga nu hayang ka bikang
Ari pek teh hayang cacing

Tapi ku kuring dikurung
siga nu menang ka pusing
Menuk teh labuh katukang
Kukuring di bere cai
Tetep manehna te hudang
Ari pek teh hudang deui       Lihat Juga : Conto Tatakrama Basa dina Basa Sunda


Asmarandana

Sim kuring nyuhunkeun widi
ka sadaya nu mayunan
bade nyelang heula nyawera
samemeh ngersakeun tuang
metakeun karasmian
galib talari karuhun
turunan ti Nabi Adam
Metik galibna nu alim
noeulad pituah pandita
didamel sundana bae
puguh pulunganeunnana
aya nu resep ngadangu
tah kieu ieu ungelna


Kinanti

Repeh sadaya nu kumpul
nu nyawer kaluli-luli
nyawer murangkalih sunat
nurutan jaman bihari
lampah sepuh nu baheula
nyuhunkeun salamet diri
Mentas ngaluluskeun laku
parantos ngabangbrangkeun galih
munjung ka ibu ka rama
ka nini sareng ka aki
ka bibi sareng ka paman
ku dumeh nembean sumping


Sinom

Sekar bingbin jangarian
Sekar kalapa cinugi
Sekar pinang di majangna
Sukur kamanjangan teuing
Disawer ku beas kuning
Beas beureum anu hurung
Kuningna kawas teja
Di tingalna langkung resmi
Ngagurilap herang mani siga emas
Nabi Yusup nu majengan
Disanding ku nabi Idris
Digenggem koe Rasululloh
Murub sakuriling diri
Nabi kabeh nu ngaraping
Lungguhna dina rahayu
Jayana kamanusaan
Calik di sanggiang sakti
Malaikat sadayana nu ngajaga


Kinanti

Payung tilu nungku-nungku
Payung tujuh nu nguriling
Payung dalapan ngajajar
Payung salapan ngabanding
Ulah katungkul ramana
Sareng ulah beurat galih
Kudu nganggit-nganggit kalmu         Lihat Juga : Contoh Sisindiran Piwuruk Keur Barudak Sakola
Kadah ngaraoskeun galih
Nu nyawer kedah sampurna
Supanten tumbalna matih
Panajem ulah katilar
Bati dagang kedah bijil
ucutkeun poponden rajut
pikeun tulak sial diri
malar tebih balaina
masingna parek rejeki
salamet panjang yuswana
dugi ka alam nu lahir
Neda ma’lum cukup lumur
Ka sadaya nu lalinggih
Ieu anu nyawer tamat
Geura lebet murangkalih
Calikkeun di papajangan,
Ondangan sumangga linggih

Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 8 Tema Guguritan

 Pilih jawaban a, b, c, atawa d anu dianggap bener!

 Baca Guguritan di handap sing gemet

 1.        Kuring hudang subuh-subuh,                           2. Naèk angkot asa rusuh,

gura-giru tuluy mandi,                                      asup gè henteu tarapti,

geus mandi maké saragam,                               diuk tèh rada ngajengkang,

henteu poho maké dasi,                                     diseungseurikeun ku supir,

geus dangdan tuluy sasarap,                             beungeut beureum asa èra,

geus rapih mah tuluy indit.                                da saangkot milu seuri,

 

2.      Geus nepi téh rusuh turun,                       4. Panto gerbang geus ditutup,             poho can mayar ka supir,                                  abong geus apes titadi

supir nagih bari namprak                                 kalah ngadon kabeurangan

     geuwat kuring ngodok duit                                gerbang kaburu dikonci

     duit lecek sarébuan                                          kuring gugupay ka satpam

    sok dibikeun léos indit                                        ménta gerbang buka deui

                                                                                         

5.     Satpam nyampeurkeun jamedud,

saeutik ogé teu seuri,

meureun keuheul digupayan,

ku budak sapantar kuring,

kuring ménta dihampura,

pa satpam kakara seuri.

 

1.        Guguritan di luhur ditulis makè patokan pupuh .....

a.     Sinom              b. Kinanti                    c. Asmarandana                      d.Mijil

2.        Gururitan di luhur diwangun ku ..... pada.

a.     6                      b. 7                  c. 8                  d.9

3.        Geus dangdan tuluy sasarap. Sasarap hartina .....

a.     Pamit               b.salam                        c. sarapan                    d. mawa bekel

4.        Tèma/jejer  guguritan di luhur nya èta ....

a.     Indit ka sakola rurusuhan                                c. dicarekan ku satpam

b.    Rèk sakola mandi heula                                  d. bakating ku rusuh diuk dina rèk ngajengkang

5.        Nu disebut Guguritan nya èta ....

a.         karangan pondok nu ditulis makè patokan pupuh

b.       karangan panjang nu makè patokan pupuh.

c.         karangan wangun puisi nu mangrupa cangkang jeung eusi

d.         karangan wangun ugeran

6.   Nu teu kaasup ugeran/patokan pupuh nya èta ....

a. purwakanti              b. guru lagu     c. guru wilangan          d. jumlah padalisan

7.   Patokan pupuh Asmarandana  nya èta . ....

            a. 8-a, 8-i, 8-a,8-i,7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.                    c. 8-i, 8-a, 8-è/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-.

            b.8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i                                          d. 10-i, 6-o, 10-è, 10-i, 6-i, 6-u

8.   Guru lagu jeung guru wilangan padalisan ka tilu pupuh kinanti nya èta ....

       a. 8-e/o                             b. 7-a               c. 8-i                d. 8-a

9. Kecap pangantét nyaéta kecap anu gunana pikeun ngantétkeun (nyambungkeun) unsur-unsur nu aya dina .

    a.  hiji kecap                     b. kalimah                    c. paragraf                   d. wacana

10. Mana kecap pangantét anu merenah larapna?

    a. Beurit téh asup tina liangna                              c. Ucing unggah kana para

    b. Bapa badé angkat ti Jakarta                              d. Cilok mah dijieunna dina aci

11. Pilih mana nu kaasup kalimah barang!

      a. Budak teh ceurik da aya nu néké                    c. Anggota Pramuka téh jumlahna aya 45 urang.

      b. Santi jadi ketua OSIS taun ieu.                       d. Cai téh geus ngagolak.

12. Pilih mana nu kaasup kalimah pagawéan!

      a. Budak teh ceurik da aya nu néké                    c. Anggota Pramuka téh jumlahna aya 45 urang.

      b. Santi jadi ketua OSIS taun ieu.                       d. Cai téh geus ngagolak.

13. Pilih mana nu kaasup kalimah pagawéan sish bales!

       a. Kudu boga pamadegan sorangan atuh ulah hayang nurutkeun kahayang batur.

       b. Tingali pasawahan mani ngeplak satungtung deuleu.

       c. Di leuweung manuk disarada patémbalan,

       d. Ah pamohalan atuh PERSIB bisa ngéléhkeun AC MILAN mah !

14. Kasakit kulit dina beungeut sok disebut ....

      a, gondongeun                b. ewateun                   c. keueuseun                d. kaligata

15. Kasakit huntu budak harideung  sok disebut ....

      a, gondongeun                b. ewateun                   c. keueuseun                d. kaligata

16, Kudu sasarap heula rék indit-inditan mah ngarah teu…… di jalan.

a.       Sakalor                     b. hileudeun                c. salatri                       d. jengkoleun

   17. Pilih mana nu kaasup kecap pangantét!

          a. pohara, kacida           b. mangga, hayu          c. dina, tina                 d. léos, geblug

   18. Di wewengkon Jawa Barat mah masih kénéh loba pasawahan. Pasahan ngandung harti ....

          a. pakumpulan               b. tempat                     c. tukang                     d. Hal

   19. Pilih mana kecap nu make rarangken pa-an nu ngandung harti tempat !

         a. pagunungan                b. pamoroan                c. pamadegan                          d. palintangan

   20. Bapa téh ....... kakara gé cageur geus hayang macul, atuh brek deui gering.

         a. kaligata                       b. lilinieun                   c.karugrag                   d. tampek

 

II. Essai   

1 caritakeun deui eusi guguritan di luhur! 

Nah itu tadi sedikit sharing dari saya . Kumpulan Ilmu Pengetahuan mengutip tentang guguritan dari majalah mangle No. 2674 yang terbit pada bulan April 2018 dan dari sumber-sumber yang lain .Semoga bermanfaat bagi kalian para pembaca. Dukungan kalian sangat berpengaruh dalam kemajuan website ini. Share artikel ini jika sekiranya dapat membantu orang yang sedang membutuhkan. Jangan lupa untuk selalu mampir di Kumpulan Ilmu Pengetahuan? Terima kasih atas partisipasinya..

Posting Komentar untuk "Contoh Guguritan Sunda | Bahasa Sunda"