Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda

Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda. Gending karesmen " Geber-geber Hihid Aing " dibuka ku pupuh magatru anu rumpaka kieu :

Pupuh Magatru

Tangkal mala,suren,puspa,reujeung pingku,
tangkal mindi jeung kareumbi,
loa,kiara,jeung tisuk,
kupa,jalawura,huni,
jaradi di leuweung ganggong.

Rumpaka diluhur teh eusina nataan ngaran tatangkalan anu jadi di leuwueng. Ngaran tatangkalan kaasup kana istilah tutuwuhan. Tanggu bae masih keneh loba tatangkalan teh, boh anu jadi di leuweung, anu dipelak di kebon, di buruan, jeung sajabana.

Nu kumaha ari tangkal mala, ssuren, jeung puspa ? Tong boroning barudak sakola di kota, malah barudak sakola dipileumburan oge kiwari mah geus loba anu teu apaleun. Keun eta mah sampeureun dina pangajaran anu leuwih luhur. Ayeuna mah urang nyaritakeun istilah tutuwuhan anu patali jeung babagian tangkal bae, anu mindeeng kapanggih dina kahirupan sapopoe. Diantarana bae :


      1. Akar


Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda



Akar nya eta bagian utuwuhan anu umumna aya di jero taneuh. Istilah anu patali jeung akar di antarana :
  • akar pancer, akar tengah nu terus ka handap
  • akar mayang, akar anu euweuh akar panceran
  • canir, akar anu rubak nyerengkebeng
  • jangkar, akar nu tembong luhureun taneuh
  • beuti, akar anu ngabeunggul sarta dagingan


    2. Tangkal


Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda
Tangkal teh bagian tutuwuhan anu panggedena. Istilah anu patali jeung tangkal, di antarana :
  • bobogol, tangkal cau bagian pangjerona anu kalakop ku gebog
  • catang, tangkal kai nu geus ngagoler, lantaran runtuh atawa di tuar
  • dahan, bagian tutuwuhan anu bijil tina tangkal luhureun taneuh asalna sirung
  • buku, bagian antara dua ruas tangkal awi, tiwu, jsb
  • galeuh, bagian tangkal kai tengah-tengahna nu biasana beda warna jeung bagian pangteuasna
  • gebog, kalokop daun cau anu ngabuleun bodogolna sarta mangrupa tangkal cau sagemblengna
  • jarami, tangkal pare nu geus garing
  • kulit kai, bagian tangkal kai pangluarna
  • mamata, bagian kai atawa awi anu teuas sarta buleud urut dahan
  • papagan, kulit kai anu rada kandel
  • pangpung, rangrang, dahan garing
  • regang, bagian tutuwuhan anu jadi tina dahan
  • ruas, bagian awi antara bua bukuna
  • senggeh, sarupa seler luhureun taneuh atawa dahan anu teu lumrah
  • sirung, pidahaneun atawa pitangkaleun anu meletis keneh
  • tunggilis, tunggul tangkal jambe
  • tunggul, bagian tangkal sesa nuar

      3. Daun


Daun teh nya eta bagian tutuwuhan anu lalambaran, umumna warnana hejo, aya tangkay atawa palapah. Istilah anu patali jeung daun, diantarana :
  • barangbang, baralak, daun kalapa garing dina tangkalna
  • janur, pucuk kalapa nu semu koneng keneh
  • kalakay, daun nu geus garing
  • kararas, daun cau nu geus garing
  • nyere, urat daun kalapa atawa daun kawung, sok di jieun sapu, seumat, jsb
  • palapah, gagang daun anu panjang sarta rubak atawa buleud
  • tangkay, gagang daun
  • pucuk, daun ngora

    4. Kembang


Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda
Kembang teh nya eta bagian tatangkalan anu biasa sok jadi buah, anu alus rupana jeung seungit. Istilah anu patali jeung kembang di antarana :
  • kamanilan, kembang mimiti, beukahna can alus (sedep malam, jsb)
  • kudu, kucup keneh, tacan beukah
  • ligar, daun kembangna maruragan
  • mangkak, daun kembangna mekar, beukah
  • sintung, kalokop mayang atawa suligar nu geus tuhur
Salian ti eta oge dina basa sunda mah aya ngaran kekembangan husus pikeunn salasahiji tangkal, upamana bae :
  • jantung, kembang cau
  • alewoh, kembang waluh
  • ancal, kembang bolang atawa taleus
  • badaus, kembang tiwu
  • bolotot, kembang cabe
  • bosongot, kembang bako
  • bubuay, kembang hoe
  • eumbreuk, kembang awi
  • jomotrot, kembang laja
  • mayang, kembang jambe atawa kalapa
  • olohok, kembang kadu
  • pencenges, kembang cengek
  • ulated, kembang bawang


    5. Buah


Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda
Buah nya eta bagian tutuwuhan anu asalna tina kembang. Istilah anu patali jeung buah, di antarana :
 Istilah pentilna :
  • tongtolang, pentil buah nagka
  • pakel, pentil buah mangga atawa limus
  • cengkir, pentil buah kalapa
  • semi, pentil buah jagong
Istilah buahna :
  • gadog, buah gitung
  • kamal, asem nu sok dipake samara
  • jebug, jambe kolot
  • caruluk, buah kawung
  • langgoko, buah kiray
  • benda, buah teureup
Istilah sipatna :
  • gumading, gedang nu semu gading, rek asak
  • lumeho, dawegan, keur meujeuhna siga leho
  • lumiat, jengkol keur meujeuhna liat
  • humaseum, buah mangga, jsb, nu haseum keneh tapi tereh asak
  • cumolat, manggu nu geus coklat, tereh asak
  • rumangu, pakel atawa hiris nu keur meujeuhna rangu
  • dumuwegan, tangkil nu keur meujeuhna siga dawegan.
Mung, diceukapkeun sakieu bae anu di paparkeun ku simkuring ngeunaan Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda.
BACA JUGA ARTIKEL DI BAWAH INI SEMOGA ADA MANFAATNYA UNTUK SAHABAT SEMUA

Salam Berbagi Ilmu Pengetahuan

Salam Bertemu Kembali di Artikel-artikel berikutnya.

Nah itu saja barangkali yang bisa admin sampaikan pada kesempatan kali ini mengenai salah satu Contoh Istilah Tutuwuhan Dina Basa Sunda Semoga ada manfaatnya untuk rekan semua. Amin.

1 komentar untuk "Istilah Tutuwuhan dina Basa Sunda"

Unknown 21 Maret 2020 pukul 18.14 Hapus Komentar
Bahasanya mudah di pahami dan di mengerti, dan isinya ringkasan semua, jadinya bisa memudahkan kita untuk memahami nya