Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Pidato Bahasa Sunda | Conto Pidato Basa Sunda - Kumpulan Ilmu Pengetahuan

Pidato Bahasa Sunda dengan tema tentang "Perluna Kaum Rumaja Dina Ngamumule Basa Sunda Dina Raga Ngamekarkeun Budaya Nasional"
Wilujeung Enjing sadayana
Ibu/bapak, saderek sadaya, sareng rerencangan rumaja nu aya di ieu tempat sareng nu ku simkuring di hormat. Wasta abdi Glory Gelarich ti IX A. Dina waktu ieu simkuring baris medar biantara anu judulna : PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA DINA RARAGA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL.

Para saderek sadayana.
Unggal bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing-masing anu dijadikeun alat pikeun ngayakeun hubungan antara hiji jelema jeung jelema sejenna dina hirup kumbuh sapopoe. Ku alatan basa jelema bisa muaskeun kabutuhan senina ku jalan ngareka basa sangkan nimbulkeun ajen seni. Ku sabab basa jelema bisa nambahan pangaweruh jeung ngamekarkeun pikiranana. Basa oge mangrupakeun ciri mandiri hiji bangsa. Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji bangsa.
Urang sadaya parantos terang yen nagara Indonesia teh ngabogaan adat, suku, basa, agama, jeung tata kahirupan anu beda-beda di unggal tempat. Syukur ku ayana Pancasila anu mangrupakeun dasar nagara, sanajan beda-beda kabudayaan jeung tata kahirupan oge tapi tetep dina hiji beungkeutan, Negara Kesatuan Republik Indonesia anu ngabogaan motto Bhineka Tunggal Ika.

Salah sahiji unsur tina budaya teh nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya Sunda mangrupakeun hiji hal anu deket pisan hubunganana anu teu bisa dipisahkeun. Lamun urang nyaritakeun basa Sunda hartina urang nyaritakeun budaya Sunda.Sanajan nagara netepkeun basa Indonesia jadi basa nagara, tapi basa daerah tetep dipiara jeung dimekarkeun ku nagara. Basa daerah ku nagara dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun jeung ngadukung budaya daerah, jeung jadi basa panganteur di sakola dasar. Di daerah sorangan basa teh mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, jeung alat komunikasi dina kulawarga jeung masyarakat daerah. Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana ku jalan ngamumule basa Sunda, babakuna mah ku para rumaja.

Lamun ku urang dibandungan dina kahirupan sapopoe, katinggalina para rumaja ayeuna loba anu kurang wanoh kana basa Sunda. Memang, henteu sakabeh rumaja di Jawa Barat ngabogaan sikep saperti kitu. Tapi hal ieu kudu jadi kaprihatinan urang sarerea. Sabab saha deui anu bakal miara basa Sunda teh iwal ti urang sadayana, para rumaja. Ulah nepi ka urang Sunda teu wawuh kana basa Sunda. Kacida teungteuingeunana lamun hal eta karandapan ku urang Sunda.

Naon sababna rumaja ayeuna asa kurang reueus kana basa Sunda. Lamun dipaluruh, salah sahiji sababna nyaeta ayana anggapan yen basa Sunda teh hese diulik, hese dilarapkeun dina kahirupan sapopoe, teu demokratis, kapangaruhan ku feodalisme, basa Sunda teu ngindung ka waktu teu ngabapa ka jaman, jeung rea-rea deui alesan sejenna.
Padahal dina jaman ayeuna anu disebut era globalisasi jeung era informasi, babari pikeun urang neangan sumber, alat atawa literatur keur neuleuman basa Sunda, boh eta dina tipi, radio, buku, majalah, atawa koran.

Da kumaha ieu mah, lamun lalajo tipi nu di lalajoanan teh saukur pilem luar negeri jeung acara musik wungkul. Sinetron basa Sunda, wayang, hiburan tradisional Sunda, jeung acara nu ngagunakeun basa Sunda mah jigana tara di tolih-tolih acan salian ti lalaguan. Kuduna mah urang teh ngarasa reueus kusabab di Jawa Barat, di tatar Sunda loba pangarang anu produktif,anu bukuna bisa dibaca ku urang, aya keneh majalah jeung koran basa Sunda anu bisa dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun basa jeung budaya Sunda.

Dina kasempetan ieu kuring umajak ka para saderek sadaya, hayu urang babarengan miara basa Sunda. Nya rumaja ayeuna nu boga tanggung jawab pikeun ngamumulena. Mun ti ayeuna geus ngapilainkeun ka basa sorangan, eta teh karugian keur urang tatar Sunda hususna, jeung nagara umumnya.

Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayawan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, para rumaja.Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa Sunda teh iwal ti urang. Lamun urang ngamumule basa Sunda lain hartina urang primordialis atawa provinsionalis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional, geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di Jawa Barat.

Basa Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Mung sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah. Hatur nuhun ka sadayana.

Hatur Nuhun

Baca juga Contoh Pidato yang lainnya
A
Contoh Naskah Pidato Ahlak
Contoh Naskah Pidato Alam
Contoh Naskah Pidato Arti Kejujuran
B
Contoh Naskah Pidato Bahaya Merokok
Contoh Naskah Pidato Bahaya Narkoba
Contoh Naskah Pidato Bumi
Contoh Naskah Pidato Berqurban
C
Contoh Naskah Pidato Cita Cita
Contoh Naskah Pidato Cinta
Contoh Naskah Pidato Corona/Covid-19
E
Contoh Naskah Pidato Ekonomi
Contoh Naskah Pidato Ekonomi II
F
Contoh Naskah Pidato Facebook
G
Contoh Naskah Pidato Guru
Contoh Naskah Pidato Globalisasi
Contoh Naskah Pidato Global Warming
Contoh Naskah Pidato Gotong Royong
H
Contoh Naskah Pidato Haji
Contoh Naskah Pidato Halal Bihalal
Contoh Naskah Pidato Hari Anak
Contoh Naskah Pidato Hari Bumi
Contoh Naskah Pidato Hari Ibu
Contoh Naskah Pidato Hari Guru
Contoh Naskah Pidato Hari Kartini
Contoh Naskah Pidato HIV/AIDS
I
Contoh Naskah Pidato Internet
Contoh Naskah Pidato Ibu
Contoh Naskah Pidato Illegal Logging
Contoh Naskah Pidato Isra Mi`raj
J
Contoh Naskah Pidato Jujur
K
Contoh Naskah Pidato Kejujuran
Contoh Naskah Pidato Kebohongan
Contoh Naskah Pidato Kemerdekaan
Contoh Naskah Pidato Kesehatan
Contoh Naskah Pidato Ketua Baru
Contoh Naskah Pidato Korupsi
L
Contoh Naskah Pidato Lingkungan
M
Contoh Naskah Pidato Maulid Nabi
Contoh Naskah Pidato Moral
Contoh Naskah Pidato Motivasi 1
Contoh Naskah Pidato Motivasi 2
N
Contoh Naskah Pidato Narkoba
Contoh Naskah Pidato Narkoba II
Contoh Naskah Pidato Narkoba III
Contoh Naskah Pidato Narkoba IV
O
Contoh Naskah Pidato Olahraga
P
Contoh Naskah Pidato Persahabatan
Contoh Naskah Pidato Pemuda
Contoh Naskah Pidato Penebangan Liar
Contoh Naskah Pidato Peresmian
Contoh Naskah Pidato Perpisahan
Contoh Naskah Pidato Puasa
Q
Contoh Naskah Pidato Qurban
R
Contoh Naskah Pidato Remaja
Contoh Naskah Pidato Reuni
Contoh Naskah Pidato Rokok
S
Contoh Naskah Pidato Sumpah Pemuda
T
Contoh Naskah Pidato Televisi
U
Contoh Naskah Pidato Ulang Tahun  
Baca Juga Contoh Naskah Ceramah | Dakwah Singkat dari berbagai tema lainnya di bawah ini 
Nah itu saja yang bisa admin sampaikan pada kesempatan kali mengenai salah satu Contoh Teks | Naskah Pidato Singkat Bahasa Sunda, semoga ada manfaatnya dan bisa dijadikan referensi oleh pada pembaca semua. Mohon maaf apabila dalam penyampaiannya masih jauh dari kata sempurna, untuk itu admin mohon kritik dan sarannya dari para pembaca semua, supaya kedepannya admin bisa memperbaiki dan memberikan informasinya bisa lebih baik lagi.
Terima Kasih
Salam Berbagi Ilmu Pengetahuan......

2 komentar untuk "Contoh Pidato Bahasa Sunda | Conto Pidato Basa Sunda - Kumpulan Ilmu Pengetahuan"

nizar 19 September 2013 pukul 09.00 Hapus Komentar
bagus banget,, sangat membantu saya mengerjakan tugas,, smoga karya kamu lbih baik dan diakui :)
Nabila Naomi 3 Oktober 2013 pukul 06.40 Hapus Komentar
makasih yah :) membantu banget<3